Senin, 02 Februari 2015

Sisingaan


SISINGAAN
Sisingaan mangrupa atraksi kasenian tradisional urang sunda anu pidanganganana ku cara merenahkeun budak sapasang luhureun sisingaan (singa jijieunan) anu dibarengan ku opat penari,maké iringan tarompét jeung kendang[1].
Sisingaan mangrupa pintonan anu atraktif jeung ngahibur panongtonna [1]. Seni has budaya Sunda ieu ayana di Kabupaten Subang provinsi Jawa Barat[1]. Sisingaan mangrupa seni pintonan rakyat Subang anu masih aya nepi ka kiwari[1]. Sisingaan biasana ditanggap dina acara husus, kayaning penyambutan tamu agung, dina raraga poé kamerdikaan, acara syukuran jeung hajatan warga, jeung dina acara nyunatan[1]. Dina atraksi sisingaan abrug atawa singa buhun, hiasan singa dijieun tina rangkéyan daun pinus anu ditambahan keretas, motifna payung jeung hiasan[1], tapi dina sisingaan modéren atawa pergosi maké bonéka singa anu nyeplés jeung aslina
[1].
Nalika tampil euweuh bébédaan anu atra antara sisingaan modern jeung sisingaan tradisional. Gerakan jeung atraksi nu ngangkat singa, mintonkeun gerakan anu méh sarua[1].Pintonan sisingaan dibarengan ku sora tarompét jeung kendang jiga musik pencak silat[1]. Sapasang budak leutik anu maké baju adat sunda ditaékkeun kana sapasang sisingaan anu diangkat ku opat penari (hiji singa digotong ku opatan)[1][2].Gerakan-gerakan jiga jurus silat dipintonkeun bari diseselan ku jaipongan, tarian has Jawa Barat[1]. Baheula pamaén sisingaan téh dalapan urang lalaki anu ngagotong bonéka singa dibarengan ku saurang pamingpin kelompok, sababaraha urang pamaén waditra jeung dua urang nu maénkeun jajangkungan[2].
Atraksi sisingaan ngahijikeun tilu unsur seni anu utama nyaéta gerak tari atawa pencak silat jeung jaipongan, seni sora gamelan kendang jeung gong, sarta seni busana anu dipaké ku para pamaénna[1]. Para pamaén sisingaan mintonkeun akrobat jeung tarian anu atraktif, rupa-rupa gerakan ieu nyieun warga anu ningali pintonan ngarsa kahibur[1]. Di tengah zaman modérnisasi jeung ayana budaya asing anu asup, sisingaan angger bisa lumaku nepi ka kiwari minangka pintonan rakyat di daérah Subang, Jawa Barat.[1] Simbolisasi budak anu diuk luhureun singa salaku réfléksi perjoangan pembebasan Nasional pikeun ngéléhkeun kakuatan impérialis sarta kompradorna di jero nagri[2].

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Silahkan tinggalkan komentar anda untuk memberi semangat kepada si empunya blog ini