TUNGTUNG
ZAMAN
Lebah dieu pisan ayeuna
urang hirup. Dina gawir Anu lungkawing. Ceuk sawaréh jalma, disebutna zaman
akhir. Disebut zaman akhir kusabab ayeuna urang hirup siga dina kaayaan anu pang
anyarna, babakuna sagala kudu sing sarwa anyar, boh dina réngkak, ogé pikir.
Lamun teu maké cara anyar, inggis disebut katinggaleun zaman. Lamun teu boga
cara pikir anyar, geus tangtu katinggaleun ku batur anu cara pikirna aranyar.
Urang kulon nyebutna zaman ayeuna téh The New world order, Novus Ordo
Sclorum, dunya anu
sing sarwa anyar.
Asa patojainyah pisan,
zaman sing sarwa anyar tapi ku kuring disebut zaman akhir. Lamun niténan
sajarah manusa kalayan tenget, sabenerna, hirup jeung sajarah manusa teu bisa
dipisah-pisah, direcah kawas urang nyiksikan daging, ti mimiti sajarah manusa
aya, ti mimiti seratan dipikawanoh ku
manusa anu disebut zaman sajarah téa, nepi ka danget kiwari kudu disajajarkeun kalawan bener. Sangkan urang bisa manggihan, naon sabenerna inti tina sajarah kahirupan manusa.
Pentingna nyayahokeun
sajarah téh lain saukur keur nambahan pangarti, tapi aya hal séjén, ku ngartina
urang kana sajarah kahirupan manusa, bakal muka diri urang, lamun zaman ti
mimiti aya manusa nepi ka danget ayeuna téh, éstu hiji mata ranté anu teu bisa
misah. Kuring kumawani nyerat, lamun zaman anu ayeuna ku urang keur dicicingan
mangrupa zaman akhir, gawir anu lungkawing, lain pédah nyanyahoan, tapi teu
leupas tina hiji kayakinan, lamun sagala anu fana geus tangtu bakal
manggih tungtung.
Urang kulon, ti awal abad
19 ogé geus nyebut lamun zaman pasca révolusi Industri mangrupa hiji “ Tatanan Dunia Baru”. Ku lolobana urang wétan, kalimah The
New World Order ditafsirkeun
hiji konspirasi global kaum free-mason anu nyoba rék ngaloyogkeun zaman jeung
kahayang pamikiran maranéhna. Ari kitu téa mah bisa dibenerkeun. Éropah anu
diluluguan ku inggris, mimiti nanjeurkeun kolonialisme jeung impérialism téh
dina saba’da révolusi Industri meugar. Tapi sing inget, da anu ngaranna
kolonialisasi jeung impérialisasi mah teu saukur dialaman ku zaman pasca
révolusi industri wungkul, kahayang manusa ngumawasa ka manusa séjénna
geus lumangsung jauh saméméh zaman modérn. Dina Qur’an diébréhkeun, kumaha
rongkahna Fir’aun dina ngajual kasombongan jeung kabengisan ka papada
manusa. Jadi, sajarah manusa téh sabenerna mangrupa dedegan anyar tapi
stokna mah heubeul, éta-éta kénéh.
Novus Ordo Sclorum geus nanceub kuat, lain saukur nancleub wungkul tapi
ngagusur urang kana kahirupan anu beuki deukeut kana gawir nu lungkawing. Dina
mangsana, manusa bakal jadi siga robot anu aya dina hiji kotak, dikumpulkeun ku
anu bogana, terus dicocoo sakahayang manéh. Da puguh, tujuan utama N.O.S téh
mawa manusa kana hiji kaayaan anu sarua, sapamadegan, loyog jeung kahayang
dalangna. Ayeuna ogé meureun geus karasa. Kumana diranténa urang ku pangabutuh
kudu nyaloyogkeun diri , hirup kudu saluyu jeung kabiasaan anu keur lumaku,
lamun teu biasa bakal disebut katinggaleun.
Dina waktu anu samporét
ieu, moal lila ti kuring nulis ieu seratan, meureun kana lima atawa sapuluh
taun kahareup mah, kahirupan téh moal mekar, tapi kitu-kitu kénéh, da manusa
geus diabuskeun kana panjara pikiranna sorangan. Manusa ngan jadi saukur
barisan data, ngaran anu dipajang dina papan data, dipaksa sangkan nyabut
jatidiri anu sajati, urang Sunda bakal kapaksa ngaleupaskeun kasundaanna da
keur ngudag batur anu geus nyaluyukeun manéh jeung zaman. Haté, aféksi,
geus diangkat teuing kamana. Masyarakat téh kumpulan jalma anu sabenerna ngabutuhkeun
hiji sikep jujur, silih hormat jeung papada, tapi ku disérédna jalma kana zaman
akhir ieu, hal anu aya patula-patalina jeung haté, rasa, aféksi, sili asih,
sili welas, bakal ditinggalkeun. Da dina zaman akhir mah moralitas geus moal
laku. Anu laku di dieu mah nyaéta populéritas.
Tong jauh-jauh, yu urang
ténjo kana diri sorangan. Lamun can boga hapé modél pang anyarna asa aya jeung
hirup di zaman Nabi Nuh jigana. Hartina, pola pikir urang geus pakem, ngan
saukur ngandelkeun kognitif wungkul, atuh kusabab anu digugulung téh kognitif,
geus tangtu anu dikaluarkeun ku diri urang ogé hal anu kudu loyog jeung pikiran
urang. Lain pikiran murni, tapi pikiran anu geus dibaruang ku kaayaan. Puguh da
ari kitu téa mah, Téh New World Order ti mimiti aya ogé geus ngajak
jalma sangkan mangéranan kognitif, akal, pikiran, humanisme. Lain hartina
kuring teu percana kana humanisme, da humanisme anu sabenerna mah ngajarkeun
lamun manusa téh sabagé puseur kakawasaan, hirup jalma ditangtukeun ku éta
jalma. Miceun hal-hal anu métafisik tina kahirupan.
Kusabab kognitif anu
digugulung jeung diajén-ajén, balukarna anu diajén-ajén, diadén-adén,
diménak-ménak téh lain saukur eusi sirah, tapi raga badag anu katénjo wungkul,
lahiriah anu karampa. Titél anu nyantél, status sosial, jeung jabatan anu jadi
ukuran manusa boga harkat di hareupeun manusa séjénna.
Toffler bisa jadi hiji jalma anu boga kayakinan, lamun hirupa
manusa téh bakal salilana ngajurus kana kamajuan. Da anu ngaranna ngaramalkeun
mangsa ka hareup mah hiji hal anu mustahil. Ceuk Toffler sorangan, lamun
pikiran jalma sifatna teu linéar, teu lempeng kitu baé,
balucat-balicet. Ngan anu ngaranna kamajuan, biasana keukeuh sok
dikuat-kaitkeun jeung kognitif hiji jalma. Padahal ti sagigireun
kognitif, manusa ngabutuhkeun hal anu penting séjénna, nyaéta aféksi, pangakuan
diri sorangan, kajujuran, jeung ngarampa kana rasa batur.
Lamun manusa geus
dialeutkeun ngan saukur barisan data anu minuhan papan data, computer, robot
bari teu boga haté, anu bakal digugulung téh kumaha carana ngéléhkeun anu
séjén. Pasanggiri anu dimeunangkeun ku agama ngan saukur tina kaalusan, tapi
lamun haté geus dicabut tina kahirupan, pasanggiri anu lumangsung nyaéta,
kumaha carana sangkan urang anu meunang sorangan, dina éléhna ogé urang moal
narima. Sababaraha kasus PEMILUKADA bisa jadi conto. Kusabab éléh , calon anu
éléh embung ngaku éléh, da maranéhna percaya teuing kana data anu diténjokeun
ku tim suksésna.
Karasa meureun ku urang
ogé, kumaha bedana hirup waktu leutik jeung hirup ayeuna?
Tidak ada komentar:
Posting Komentar
Silahkan tinggalkan komentar anda untuk memberi semangat kepada si empunya blog ini