6. Cari kode HTML seperti berikut: <data:post.body/>
!Isikan Kode HTML/Script anda => Tekan Tombol "Convert" untuk memparsing ||| Untuk menconver kode lain, silahkan klik tombol "Clear" terlebih dahulu (untuk membersihkan kode yang sebelumnya)
Teknologi informasi
dina mangsa kiwari geus jadi pangabutuh anu teu bisa dipisahkeun jeung
kahirupan masarakat di kota atawa di desa lain ngan ukur jalma nu boga
kapentingan husus di widang bisnis atawa urusan penting sejena, tapi barudak
sakola oge geus diwanohkeun jeung eta teknologi, nu dipiharep sangkan bisa
ngigelan jaman teu katinggaleun kalindes ku wanci nu beuki maju.
Sumebarna eta teknologi bisa mawa
pangaruh nu hade, oge bisa nimbulkeun pangaruh goreng, hal eta gumantung ka
jalma nu ngagunakeun eta teknologi.
Rupa-rupa wujud hasil teknologi
diantarana bae Han Phon jeung komputer, di lingkungan barudak sakola eta dua
ngaran geus teu aheng deui. Lantaran eta barang geus jadi kaulinan anu teu
saeutik meakeun waktu jeung waragad, temahna bisa ngalantarankeun barudah
sakola poho kana waktu nu utama keur diajar, tepi teu sakabehna kitu aya oge nu
ngamanpaatkeun eta teknologi keur kaperluan diajarna.
Kaparigelan nonoman dina ngakolakeun eta
teknologi kawilang nyongcolang upama seug dibandingkeun jeung kolot-kolotna,
tapi dumasar kana hal eta kolot barudak kudu taliti tur surti dina nalingakeun
ketakna barudak ulah nepika salah lengkah tur pamolah, ku alatan teknologi anu
salah ngalarapkeunanana
Teu kurang ti welasan warnet nu ngadeg
meh disaban tempat, warnet-warnet kasebut baris nedunan pangabutuh barudak
sakolah pikeun kaperluan diajar atawa migawe tugas pikeun nu can ngabogaan
komputer atawa leptop sorangan.
Teu saeutik balukar anu goreng alatan
teknologi informasi kiwari nu tumerapna ka rumaja, geus loba kajadian anu
kaalaman ku rumaja alatan internet upamana bae malesna diajar, runtagna ahlak
alatan lalajo pintonan nu teu payus keur barudak, jual beli barang haram jeung
sajabana.
Kahariwang kolot, alatan eta teknologi
geus jadi alesan pikeun nalingakeun budakna sangkan teu jadi korban pangaruh
gorengna, tapi manfaatna kawilang gede kacida pikeun kamajuan sagala widang.
Komputer jeung sabangsana kacida pisan
pentingna dina sagala widang, boh kusabab bisa ngarengsekeun urusan kalawan
gancang tur rapih, ngawasa elmuna kacida diperlukeunana pikeun ngungkulan jaman
jeung ngjawab tangtangan kahirupan.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar
Silahkan tinggalkan komentar anda untuk memberi semangat kepada si empunya blog ini