Jumat, 15 Mei 2015

Tungtung Zaman


TUNGTUNG ZAMAN
Lebah dieu pisan ayeuna urang hirup. Dina gawir Anu lungkawing. Ceuk sawaréh jalma, disebutna zaman akhir. Disebut zaman akhir kusabab ayeuna urang hirup siga dina kaayaan anu pang anyarna, babakuna sagala kudu sing sarwa anyar, boh dina réngkak, ogé pikir. Lamun teu maké cara anyar, inggis disebut katinggaleun zaman. Lamun teu boga cara pikir anyar, geus tangtu katinggaleun ku batur anu cara pikirna aranyar. Urang kulon nyebutna zaman ayeuna téh  The New world order, Novus Ordo Sclorum, dunya anu sing sarwa anyar.
Asa patojainyah pisan, zaman sing sarwa anyar tapi ku kuring disebut zaman akhir. Lamun niténan sajarah manusa kalayan tenget, sabenerna, hirup jeung sajarah manusa teu bisa dipisah-pisah, direcah kawas urang nyiksikan daging, ti mimiti sajarah manusa aya, ti mimiti seratan dipikawanoh ku

Senin, 02 Februari 2015

Sisingaan


SISINGAAN
Sisingaan mangrupa atraksi kasenian tradisional urang sunda anu pidanganganana ku cara merenahkeun budak sapasang luhureun sisingaan (singa jijieunan) anu dibarengan ku opat penari,maké iringan tarompét jeung kendang[1].
Sisingaan mangrupa pintonan anu atraktif jeung ngahibur panongtonna [1]. Seni has budaya Sunda ieu ayana di Kabupaten Subang provinsi Jawa Barat[1]. Sisingaan mangrupa seni pintonan rakyat Subang anu masih aya nepi ka kiwari[1]. Sisingaan biasana ditanggap dina acara husus, kayaning penyambutan tamu agung, dina raraga poé kamerdikaan, acara syukuran jeung hajatan warga, jeung dina acara nyunatan[1]. Dina atraksi sisingaan abrug atawa singa buhun, hiasan singa dijieun tina rangkéyan daun pinus anu ditambahan keretas, motifna payung jeung hiasan[1], tapi dina sisingaan modéren atawa pergosi maké bonéka singa anu nyeplés jeung aslina